Hatur nuhun ka saderek sadaya nu kersa rurumpaheun ka blog sim kuring. Mangga urang silih raketkeun tali silaturahim, sareng diantos pisan komentar-komentarna.
Wassalam,
Hatur nuhun ka saderek sadaya nu kersa rurumpaheun ka blog sim kuring. Mangga urang silih raketkeun tali silaturahim, sareng diantos pisan komentar-komentarna.
Wassalam,
Mantap Kang Asep,
Namun aku ora tahu artinya…heee
yang tahu hanya Ayak…ayak wae….
Salam untuk semua.
N-253 (Kal-Tim)
Kang Asep:
hehe gpp mas, lama2 juga ngerti…khan co-man disitu orang sunda…
Kang asep punten yeuuh
abdi parantos ngadamel link ka blog kang asep
nyuhun keun ijin kang (padahal tos ngadamel)…..
disuhunkeun karidoannana tidunya dugi ka akherat
teu aya tujuan naon-naon, ngan saukur nyambungkeun tali silaturrahmi papada dulur ti masa anu kapungkur
hatur nuhun sateuacana……
salam
nalaroza
kang asep:
hatur nuhun pisan kang parantos rurumpaheun, abdi ge ngiring nge-link atuh ka blog akang nya…,
Assalamu’alaikum, sampurasun,
Kang, punten abdi nuju kukurilingan piwarangan Kang Nasrul, bilih bade nyobian, asana sae upami setingan blog akang kana basa Sunda-keun sakantenan sareng profile-na, sanaos basa Sunda WordPress-na tacan sampurna.
Nuhun.
Baktos.
kang asep:
wa alaikum salam kang hilman, hatur nuhun pisan, mangga ke urang dicobian….
Assalamu’alaikum,
Mugi2 kuayana blog ieu tiasa janteun ajang tepang sono, sareng nasehatan di antawis urang. Supados tiasa saling ngelingan.
Kumaha da watakna jalmi mah sering aya dina kakhilafan, tah ari ku geten urang saling emutan, mugi2 urang teh janteun jalmi sagemblengna. Luyu sareng kahoyong nu nyiptakeun urang, nyaeta Allah SWT.
Cag..ah..
Wassalam
kang asep:
wa alaikum salam, hatur nuhun kang, mugia janten alat silaturahmi urang sadaya…
Assalamu’alaikum Wr.Wb,
Sim kuring mah ngaraos reueus wireh blog Kang Asep teh gening nganggo basa Sunda. Asa kumejot puguh hate teh hoyong ngadamel blog, mung panginten teu acan tiasa enggal direalisasikeun da waktosna masih pabenyeng-benyeng sareng tugas di rorompok tur di pasantren. Antos wae nya, Kang!
Wassalam.
kang asep:
wa alaikum salam, diantos teh dwi seratan-seratanna. sami abdi ge sok pabenyeng-benyeng jeung ngasuh budak ieu teh
Ngiringan ah kang asep…
meni raosennya aya blog nganggo basa sunda..
rumaos abdi oge urang sunda,,
ku abdi di linknya blogna
haturnuhun
kang asep:
sami-sami kang, hatur nuhun
Aswrwb Kang,
Sae pisan lah blog na, salah sawios upaya ngamumule bahasa sunda, utamina dina widang elmu bumi…
Salam kanggo kulawarga…
kang asep:
waalaikum salam wr. wb, ieu teh geologist nu jadi tukang poto atawa tukang poto nu nyambi jadi geologist? hehe…lucu nya neng yesha…
Sim kuring mah nyerat ngangge basa sunda teh sok mandek, atuh da beda bahasa cariosan sareng bahasa tulisan.
Nepangkeun, sanaos sanes urang subang, sim kuring kantos linggih di ciater ampir 7 taun.
kang asep:
sami-sami, salam wanoh ti abdi..Abdi ge ieu teh bari ngeureuyeuh, kadang sok seepeun ide oge
ahad isuk-isuk kamari kemana? teu ketemu di lapang bintang…
kang asep: lagi di kaltim kang…
oooh jadi sekarang lagi jauh di nagari orang ha ha ha ha
betul juga kang, sebenanrnya bukan cuma cigayonggong yang belum tersosialisasi dan kurang promosi, tapi semua potensi wisata termsauk wisata budaya subang juga belom.
kalaupun ciater rame, itu bukan hasil promosi, tapi dari omongan wisatwanan yang menggunakan sistim MLM (omong-omong)…
kalo pemkab memang betul ada perhatian di bidang wisata, mungkin saja pada ada promosi. jangan kan promosi yang nguntungin orang lain (pemilik wisata) peluang pemasukan ke APBD saja dia gak ngurus, misalnya buat pusat oleh-oleh dan aksesooris subang….
karena itu belom ada, wisatawan yang ke subang ya cuma bawa balik foto-foto dan kenangan saja. Aksesoris???? nol besar……
Assalamu alaikum Wr. Wb
neupangkeun Kang asep. abdi ghian linggih di bandung
aduh meni bangga pisan ieu ngaos blog kang asep. raoseun pisan nganggo basa sunda, insya Allah ke bade nyusul ah ngawangun blog basa sunda oge.
kang asep:
wa’alaikum salam wr.wb, sami-sami kang…, salam wanoh ti abdi. Hayu kang urang sasarengan ramekeun blog basa sunda. Sae pisan ulasan TI ku basa sunda, supaya kaciri yen urang sunda teh reueus ku basana.
Assalaamu’alaikum wr wb
Nepangkeun yeuh Kang Asep, simkuring O. Solihin, ari kawit mah ti Kuningan. Ayeuna nuju bubuara di Bogor.
Nuhun. BTW, milih desainna sami sareng blog simkuring
Salam,
O. Solihin
[www.osolihin.wordpress.com]
kang asep:
hatur nuhun tos rurumpaheun Kang Oleh, mugia katampi silaturahim sim kuring
Assalamualaikum. wr.wb
Kahatur kang Asep,
Punten sim kuring asa pangling ka kang Asep, kumargi ayeunamah urang sadayana tos ka tutup ku umur, dalapan taun ka tukang nepi ka kiwari can amprok jonghok,
nepangkeun ieu balad anu ti tonggoh. Sim kuring anu ti Tanjungsiang tea.
teu hilap salam kenal ka nu sanesna.
Wasalam,
zeze,zm
kang asep:
wah, kang zeze….lawas ti lawas urang teu tepang nya?
Assalaamu’alaikum wrwb…
Nepangkeun Kang Asep….
Sim kuring..
Duh nyaan aya nuansa lain, tos lami pisan atuh da teu nyunda kieu
Salam kenal we
wassalaam
a, hoyong nyobian ngawangun blog siga aa kieu, tiasa moal nya…?
Alhamdulillah geuning masih seueur nya, nonoman sunda anu reueus ku basana, mudah-mudahan wae hal ieu janten panaratas langgengna basa sareng budaya sunda.
Langkung ti kitu, blog nu siga Kang Asep, motret sareng nyoarakeun daerah tatar sunda mugi janten hiji sumbangsih pikeun kamajuan pikeun tatar sunda sagemblengna.
Wilujeng kang Asep.
kang asep:
hatur nuhun tos rurumpaheun kang ade dadan
ada beberapa rekomendasi hasil kopdar terbatas blogger subang pada sabtu (21/2) kemarin, terkait rencana kopdar massal.
info selanjutnya, silakan klik di jejak annas
ngiring ngiuhan ah
kang, daftar di http://www.autosurf-floweb.net/?ref=satria
bisa nambah pengunjung di blog akang jangan lupa mampir ke blog aku ya…
alhamdulillah tepang deui d dunia maya, simkuring ngaraos reueus sawios teu paamprok jonghok, tp saheunteuna tiasa ngalacak kaberadaan sobat2 alumni sadaya, wireh sim kuring sono ka sadaya. baktos k alumni 97
kang asep: siap teh nunik…
sampurasun… akang anu bageur, wasta simkuring club-Ngojay Subang KRC, hoyong nampilkeun blog sim kuring kumaha carana maklum simkuring nuju diajar, haturnuhun
kang asep: mangga kang langsung wae onlinekeun, diantos
Sampurasun Kang?cik kang aya lolongkrang mah neda pangdedel elmu kanggo ngawangun blog nu siga kang asep,reueus pisan ka basa sunda teh. (bari mindeng kacaletot oge)
nuhun kang dani tos rurumpaheun. siap lah kang iraha2 urang ngariung ngabahas blog nya….
salam persahabatan dari Karawang
kang asep: sami-sami…