Taun ieu mah kuring teu ngalaman hesena mudik kawas kalolobaan dulur-dulur nu ngalumbara jauh ti lemburna sewang-sewangan. Memang kuring mah moal disebut ngumbara, sabab dua minggu sakali bisa mulang ka lembur matuh. Geus sababaraha taun kuring lebaran parengan keur di lokasi, nyaeta tempat kuring nyiar kipayah ayeuna di wewengkon Muara Badak, Kabupaten Kutai Kartanegara – Kalimantan Timur.
Lebaran taun ieu perusahaan mere kalonggaran ka kuring sabatur-batur di pagawean keur shalat ied tur silaturahmi. kaitung 6 jam rig standby keur mere kasempetan kaum muslimin lebaran. Atuh tumaninah pisan kuring shalat ied di rig tatangga nu kabeneran ngayakeun sholat ied. Sanajan jauh ti pilemburan, dulur-dulur kuring di rig-5 satekah polah ngayakeun sholat ied, nepi ka imamna ge manggil ti Muara Badak. Sanggeus sholat ied, terus sasalaman jeung balakecrakan nuang kupat lebaran. Malahan kru lokal mah sempet mulang ka imahna keur silaturahmi jeung kulawargana masing-masing.
Sanajan jauh ti imah ge kuring ngarasa syukur sabab bisa lebaran cara batur nu di lalembur. Sanajan jadwal kuring mah saminggu tas lebaran karek bisa mulang. Nya kakaren mah meureun tos moal kabagean, tapi tetep aya hiji kabagjaan bisa mulang ka lembur.
Foto-fotona mah aya di http://asepher.tumblr.com

Teu nyangki yen Kang Asep didamel d Kaltim. Muji pisan, masih sempet mirosea ieu blog sangkan janten ajang silaturahmi… Wilujeng..