
Foto daerah Ciater di pakidulan Subang, dipotret di tempat nu disebut Dayang Sumbi. Hejona kebon enteh satungtung deuleu jeung gunung-gunung antara Jalan Cagak nepi ka Gunung Tangkuban Parahu jadi daya tarik utama daerah ieu.
Loba jalma ti luar daerah lamun ngadenge Subang teh dianggapna daerah pagunungan. Padahal mah Subang boga wilayah ti mimiti pagunungan nepi ka basisir laut jawa.
Powered by ScribeFire.

wuidih, amatirnya aja begitu,apalagi profesionalnya ha ha ha
a, kumaha damang sakeluarga? mudah2an aya dina panangtayungan allah swt salamina… nyobian weh ieu mah a…
Meni waraas kang, wilujeng kenal ah …
nyeredet hate… ningal foto tempat nu namina Dayang Sumbi, margi abdi kagungan foto di eta tempat. foto pemandangan nu dijepret puluhan taun nu kapengker basa sakola di SMAN1Subang. htr nhn tos ngemutan ka masa lalu.
sanes sombong simkuring teh pituin Ciater,matak abot pisan ningalken ieu lembur teh Kang. Matak sapopoe idek liher didieu,timimiti brol nepi ngalaki rabi simkuring te hoyong ninggalken lembur Ciater.Leres saur sepuh yen Ciater teh PANINEUNGAN
euleuh euleuh enya sae pisan jepretanna, cacakan amatir ge. meni waraas teuing ningalna ge Kang.
kang asep: hatur nuhun kang tos mampir…
sok asa waraas ari ningali kebon teh.. da sering ameng ka dayang sumbi teh.. (murah tuda..hehe)
nepangkn abi ge pituin urang subang kang…
salam kenaaaaaaal…