Ci ibun masih nyalangkrung dina tungtung daun, kota Subang poe eta rada alum ku mendung. Rebun-rebun kuring sakulawarga geus ngabring ka GOR Subang, maksud rek jalan-jalan bari mumuluk di pasar kaget nu saban poe ahad minuhan jalan jeung palataran GOR. Kira-kira 11 taun kuring teu pernah ngulampreng ka eta tempat, katingalina GOR teh geus teu kaurus. Baheula mah waktu SMA, kadang didinya diayakeun tunamen maen bal antar sakola. Di pasar kaget eta, rupa-rupa barang jeung kadaharan di jual. Ti mimiti tukang bubur, kupat tahu, wuduk, rupa-rupa inuman, buah-buahan, pakean, coco’oan budak nepi ka tukang manuk jeung kelenci. Salian ti nu olahraga, lolobana nu daratang ngan saukur jalan-jalan atawa balanja. Nya kaasup kulawarga kuring nu niatna ukur wisata kuliner…
Dua anak kuring ngaeh hayang dipangmeulikeun manuk piit. “Mangga, tapi engke kedah dileupaskeun deui nya” ceuk kuring. Mudah-mudahan anaking…, aranjeun daek mikanyaah kana sasatoan ku jalan teu ngurung maranehna.
Di lapangan, si cikal jeung si bungsu kacida gumbirana lulumpatan dina amparan jukut. Sakalian kuring oge masang tenda Coleman dihandapeun tangkal caringin keur tempat reureuh barudak. Poe ieu kuring hayang hayang suka bungah jeung kulawarga, sabab engke sore maranehna bakal ditinggalkeun deui nyiar kipayah ka tanah sebrang…..
Powered by ScribeFire.

asa apal tempat eta teh
kang asep:
pasti apal kang, sigana kang annas ge kungsi jeprat-jepret didinya nya?
Alhamdulillah ning Aya Ki Sunda anu nyerat Blog di na Basa Sunda…
Ngiringan Kang ah…!
kang asep:
hatur nuhun tos rurumpaheun…, abdi seueur kenging info ti blog akang, sanaos dugi ka ayeuna kana linux ngan sakali2 nyobian dibumi…mudah2an engke mah pami tos sadayana hardware gampil didetect abdi uih deui ka linux.