Khusus ka nu nganggo web browser Firefox, aya add-on khusus kanggo nulis blog, namina ScribeFire Blog Editor. Ieu add-on tiasa diunduh langsung di situsna Mozilla https://addons.mozilla.org/en-US/firefox/addon/1730. Saparantos diinstall, ScribeFire tiasa diaktifkeun ku jalan nge-klik gambar buku note koneng di pojok handap palih kenca atanapi Tool>ScribeFire. Sateuacanna urang kedah nyetting hela ScribeFire supaya nyambung jeung blog urang. ScribeFire tiasa ngadukung langkung ti 15 layanan blog hosting. Urusan nge-post atanapi ngedit tulisan, nganggo ScribeFire jadi leuwih gampang tibatan urang kudu login kana blog dashboard. Nu jelas dukungan multi-account langkung ngagampangkeun lamun urang ngagunakeun sababaraha blog. Kanggo panduanna tiasa buka ieu situs.
Powered by ScribeFire.

nuhun ah katampi artikelna
kang asep:
sami-sami, hatur nuhun