Feeds:
Tulisan
Pairan

Reuni alumni’97 (lulusan’97) Smansa Subang bakal diayakeun tanggal 19 Juli 2009. Tempat nu dipilih nyaeta tempat wisata Sari Ater. Info nu leuwih lengkep mangga titenan di facebook.

Hayu urang karumpul…nu munggaran sanggeus 12 taun urang papisah…

Website alumnismansa.org

alumnismansaKu dukunganna anggota milis smun1subang, akhirna website alumnismansa.org bisa diluncurkeun. Nu kabagean ngadesain website nyaeta kang Hari Pitrajaya nu gaduh kotasubang online.  Kusabab cita-citana hayang jadi portal, ieu website teh dikelola make CMS Joomla. Kabeneran pisan, sakalian diajar Joomla yeuh….

Tanggal 7 Maret 2009 kamari, sababaraha urang alumni ngumpul keur ngadiskusikeun masalah pengelolaan website alumni. Tempat ngumpulna di RM Bale Desa di kota Subang, sakalian silaturahmi jeung papada alumni. Mudah-mudahan mangpaatna bakal dirasakeun ku urang sadayana. Hatur nuhun pisan ka sadaya nu ngadukung ieu website boh kanu terjun langsung ngokolakeun atawa nu ngirimkeun artikel keur kontenna.

Subang-Sadang-Rambutan

Kuring nu sering ngagunakeun angkutan umum, utamana beus rute Subang-Jakarta atawa sabalikna, ngarasa yen sabagian kendaraan (beus) nu digunakeun teh kurang manusiawi. Ti mimiti korsi nu teuas jeung teu ergonomis, korsi nu disempitkeun nepi ka paadu tuur jeung korsi hareupeun jeung kondisi beus nu kalotor. Tapi ari ongkos mah geuning kudu sarua antara AC jeung non AC. Lain kuring olo-olo hayang ngeunah wae, tapi di zaman kiwari, penumpang teh masih ngan dianggap objek keur ngudag setoran, lain “pelanggan” nu boga hak dibere “pelayanan terbaik”.

Postingan dina bahasa Indonesia aya di:  http://blog.asephermawan.net/?p=67

Kuring moal ngomentaran atawa nambah kontroversi ngeunaan fatwa haram golput nu dikaluarkeun MUI. Keur kuring, lamun aya hiji lembaga nu boga otoritas pangluhurna keur urusan umat islam indonesia, nya eta pisan MUI. lain organisasi A atawa B, lain ustad A atawa kyai B.
Postingan lengkepna dina Bahasa Indonesia aya di:  http://blog.asephermawan.net/?p=63#more-63

Ti Jurus Copy-Paste nepi ka VBA

Judulna dimiripkeun jeung salah sahiji judul buku kumpulan carita pondok “Ti Pulpen nepi ka Pajaratan Cinta“, dongeng enteng ieu ngeunaan kahayang sim kuring ngawangun kamandirian. Posting lengkepna aya didieu: http://unconformity.wordpress.com/2009/02/09/dari-jurus-copy-paste-ke-vba/#more-46….

Powered by ScribeFire.

Tulisan Leuwih Heubeul »